10. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Hewan apa yang kakinya di kepala, badannya juga di kepala?)
Jawaban: Kutu
11. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang. Naon cik? (Dipegang lunak, dipukul berbunyi nyaring, Apa coba?)
Jawaban: Tai kotok napel dina tihang listrik (Tai ayam menempel di tiang listrik).
12. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Bajunya hijau, jalannya berputar sambil merokok).
Jawaban: Obat nyamuk
13. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setan apa yang bisa membuat sepeda berdiri?)
Jawaban: Setandar (Standar)
14. Naon nu diudag lumpat, didagoan cicing? (Apa yang dikejar lari, ditunggu diam?)
Jawaban: Kalangkang (Bayangan)
15. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang apa yang kalau dipanggil sering berlari menjauh?
Jawaban: Tukang maok (Tukang maling)
16. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Pakai baju putih bukan dokter, pake topi hijau bukan tentara).
Jawaban: Toge
17. Kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kalimat apa yang dibaca dari depan dan dari belakang artinya sama?)
Jawaban: Kasur ini rusak
18. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Ular apa yang gak bisa melata?)
Jawaban: Oray nu ngalegleg linggis (Ular yang menelan linggis)
19. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. (Badannya kecil banget, kepalanya gede banget)
Jawaban: Sireum make helm (Semut pakai helm)
20. Baso dibalikkeun jadi naon? (Baso dibalik jadi apa?)
Jawaban: Jadi bahe (Jadi tumpah)
21. Bangku naon anu bisa didahar? (bangku apa yang bisa dimakan?)
Jawaban: bangkuang (bengkoang)
22. Di tengah pasar aya naon? (di tengah pasar ada apa?)
Jawaban: hurup S (huruf S)